Lirik/rumpaka Udan Iris (tembang sunda Cianjuran, Kacapi Suling) Godebag

*UDAN IRIS*

Balingbing wadahna piring
amis lamun digulaan
dikeureut ku peso gede
hanjakal campur paria
hese dipilihan nana
didaharna matak lanjung
lanjung ku rasana eta

kembang puring jeung malati
kembang kudu jeung dahlia
di jalujur beulit kanteh
disoeh saperti mayang
diuntun sapanjang jalan
nalian kembang ku buuk

Angin leutik ngahiliwir
nebak kana dangdaunan
leler lir nu ngaharewos
ku matak rusras kagagas
emut kanu enggeus lawas
teu melang kanu dikantun
iklas teu aya rasrasan.

lagu/rumpaka : N.N.
sumber :
Lagu-lagu Mamaos Tembang Sunda Laras Sorog & Salendro
Disusun ku Sobirin.
loading...
Previous
Next Post »